Rek disulam ku kacinta kembang asih
Rek diangkir ku renda- renda birahi
Rek dipajang dina gapura kaheman
Dina implengan sangkan teu lali wiwitan
Rek dirungrung beurang peting dipieling
Dipireueus ku kadeudeuh anu manteng
Sutra kayas nu pinuh sulaman cinta
Nu ligar dina hareupan sing tinekanan
Dilangit baranang bentang
Lir bulan ayang- ayangan
Bulan semu ngajak seuri
Bentang semu ngariceupan
Cinta lir ombak lautan
Gumuruh taya reureuhna
Ngudag asih nu can tebih
Atuh kumaha abdi leungiteun
Rek disulam ku kacinta kembang asih
Rek diangkir ku renda- renda birahi
Rek dipajang dina gapura kaheman
Dina implengan sangkan teu lali wiwitan
Rek dirungrung beurang peuting dipieling
Dipireueus ku kadeudeuh anu manteng
Sutra kayas nu pinuh sulaman cinta
Nu ligar dina hareupan sing tinekanan
Dilangit baranang bentang
Lir bulan ayang- ayangan
Bulan semu ngajak seuri
Bentang semu ngariceupan
Cinta lir ombak samudra
Gumuruh taya reureuhna
Ngudag asih nu can tebih
Atuh kumaha abdi leungiteun
Rek disulam ku kacinta kembang asih
Rek diangkir ku renda- renda birahi
Rek dipajang dina gapura kaheman
Pari kena sangkateu lali wiwitan
Rek dirungrung beurang peting dipieling
Dipireueus ku kadeudeuh anu manteng
Sutra kayas nu pinuh sulaman cinta
Nu ligar dina hareupan sing tinekanan
Dilangit baranang bentang
Lir bulan ayang- ayangan
Bulan semu ngajak seuri
Bentang semu ngariceupan
Cinta lir ombak lautan
Gumuruh taya reureuhna
Ngudag asih nu can tebih
Atuh kumaha abdi leungiteun