SABEULAH PANON
Rita Tila
Upload By Zhaloe
>>>>>ZHALOE<<<<<
Zhaloer Sunda Salawasna
3
2
1
Lah... naha salira kebat ngantunkeun
Dak dumadak nyapih asih aya naon
Na teu émut di sampalan pasir éta hari...ta
Caricangkas simeut meumeut
Ningal urang nu sidéngdang
Na... méga katresna...
Duh... naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha waktos gulang-gapér tresna
Sawengi... éta...
Naha sabeulah panon bet lepat sangki
Téga nyangki salin jinis
Mindah rasa...
Ningal kapinis, meulah langit
Miris nyeuseuit...
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh kembang lapurna
Sok sanaos beurat, da mémang tos gurat
Haté mah tetep kabéngbat
Sumirat diangkat, ningal urang papegat
Lah... lah...
Salam Gupay Katresna Kanggo Seniman Sunda Sadaya
>>>>>ZHALOE<<<<<
3
2
1
Duh... naon lepat abdi ka salira
Kirang kumaha waktos gulang-gapér tresna
Sawengi éta...
Naha sabeulah panon bet lepat sangki
Téga nyangki salin jinis
Mindah rasa...
Ningal kapinis, meulah langit
Miris nyeuseuit...
Rido teu rido, pondok jodo
Deudeuh kembang lapurna
Sok sanaos beurat, da mémang tos gurat
Haté mah tetep kabéngbat
Sumirat diangkat, ningal urang papegat
Lah... lah...
Haturnuhun
---=ooO(ZHALOE)Ooo=---