Patepung di bates kota
Ke sangka manjang jadina
Mimiti teu pira nanya
Ka bandung mobil nu mana
Patepung di bates kota
Ke sangka manjang tuluyna
Tujuan horeng sarua
Mending sareng
Ngarah teu sesah jalanna
Bari ngantosan
Ngaler ngidul ngobrol canchanga tujuan
Hate degdegan
Rada inggis nyatet alamat sagala
Saminggu saprak harita
Teu sangka manehna datang
Beuki lila hate manteng
Terus jadi papacangan
Patepung di bates kota
Lalakon urang duaan
Mun pareng jaga laksana
Harepan pinanggih bagja
Patepung di bates kota
Teu sangka manjang tuluyna
Tujuan horeng sarua
Mending sareng
Ngarah teu sesah jalanna
Bari ngantosan
Ngaler ngidul ngobrol rencana tujuan
Hate degdegan
Rada inggis nyatet alamat sagala
Saminggu saprak harita
Teu sangka manehna datang
Beuki lila hate manteng
Terus jadi papacangan
Patepung di bates kota
Lalakon urang duaan
Mun pareng jaga laksana
Harepan pinanggih bagja