REUMIS GIRIMIS KASEDIH
Arr : Yus yusdiana
Uploadan
2s Moed sareng 2s AkiAenDemis
ISTRI : Engkang nu dianti anti
Piraku lali ka jangji
Cidra subaya baheula
Melesat mupus impian
Lamun neuteup tangkal mahoni
Langit nguyung alum ngungun
Reumis girimis kasedih
Ciciren manjing kapeurih
manjing kapeurih
PAMEGET : Enung mustikaning ati
Kiwari lain bihari
mangsa laas ku lawas
Lalakon pindah lalakon
Lamun nyawang katineung urang
Asih nganteng na lelembutan
Jangji mapaés kadeudeuh
Ciciren manteng kageugeut
manteng kageugeut
ISTRI : Bongan saha urang tepung
naha mupusti tresna
PAMEGET : Bongan saha urang pisah
naha mupusti rasa mupusti rasa
ISTRI : Gusti....
Nu ngatur lalakon
Nu ngawelah unggal lengkah
Buah sajatining asih
Wujudna gelaring bagja
Nu mengpar tina tetekon
Raraga tina bebendon
Abdi gusti
Sumérén kana papastén
Salam Simpay Katresna
Sunda Salawasna
ISTRI : Engkang nu dianti anti
Piraku lali ka jangji
Cidra subaya baheula
Melesat mupus impian
Lamun neuteup tangkal mahoni
Langit nguyung alum ngungun
Reumis girimis kasedih
Ciciren manjing kapeurih
manjing kapeurih
PAMEGET : Enung mustikaning ati
Kiwari lain bihari
mangsa laas ku lawas
Lalakon pindah lalakon
Lamun nyawang katineung urang
Asih nganteng na lelembutan
Jangji mapaés kadeudeuh
Ciciren manteng kageugeut
manteng kageugeut
ISTRI : Bongan saha urang tepung
naha mupusti tresna
PAMEGET : Bongan saha urang pisah
naha mupusti rasa mupusti rasa
ISTRI : Gusti....
Nu ngatur lalakon
Nu ngawelah unggal lengkah
Buah sajatining asih
Wujudna gelaring bagja
Nu mengpar tina tetekon
Raraga tina bebendon
Abdi gusti
Sumérén kana papastén
2s Moed