Moal bireuk ku logat na
Someah hade ka semah
Reuseup banyol reuseup heureuy
Ciri urang Sunda
Nyebar di tiap daerah nepi kaluar nagara
Ti Bali nepi jazirah aya urang Sunda
Reu'eus geningan
Loba batur loba dulur nu salembur
Kuat dina budaya na
Teu lengit jati diri na
Loba dulur dimana- mana
Moal keu'eung najan teu boga
Keng ca katuhu panggih jeung baraya
Najan teu wawuh moal di saha- saha
Sampurasun wargi wargi sadayana
Wilujeung teupang ieu wargi ti majalaya
Katelah ku sarung na ka wentar di mana mana
Tapi ayeuna mah langkung ka wentar ku banjir na
Bandung Cianjur Sumedang Garut Ciamis
Ngajajar tuangeun nikmat lezat bari amis
Batagor tauco tahu dodol na anu amis
Janten oleh oleh na moal boros kanu acis
Nu pinter teu ngaku nu jago teu belagu
Ngajaga ucap laku tapi da wani diadu
Jelemana handap asor najan bisa sagala
Mere loba tapi nyebut punten saaya aya
Eta ciri urang Sunda kudu guna keur sasama
Teu ningali kasta dimana- mana loba baraya
Mun boga sarebu dulur ge angger kurang loba
Tapi musuh mah hiji ge bisa nyieun cilaka
Ngumpul jeung babaturan dugi ka wengi
Sok rajeun udunan meser gorengan jeung kopi
Tradisi urang Sunda nu masih kajagi
Aneh tapi nyata gorengan na sok nyesa hiji
Sopan santun ramah tamah
Hade basa hade manah
Jeung urang Sunda mah matak bungah
Reuseup heureuy jeung sumringah
Reu'eus geningan
Loba batur loba dulur nu salembur
Kuat dina budaya na
Teu lengit jati diri na
Loba dulur dimana- mana
Moal keu'eung najan teu boga
Keng ca katuhu panggih jeung baraya
Najan teu wawuh moal di saha- saha
Loba dulur dimana- mana
Moal keu'eung najan teu boga
Keng ca katuhu panggih jeung baraya
Najan teu wawuh moal di saha- saha
Eta cirina urang Sunda
Ciri bangsa Indonesia