menu-iconlogo
huatong
huatong
detty-kurnia-duriat-pegat-cover-image

Duriat Pegat

Detty Kurniahuatong
megagym1huatong
歌詞
収録
Bumi nu anjeuna Langit nu anjeuna

Sapangeusi alam dunya

Mungguh keursaning anjeuna

Jeung sagala mahlukna

Kalebet urang sadaya

Taya nu jadi kajaba

Eta kagungan anjeuna

Jodo nu anjeuna Pati nu anjeuna

Susah senang lara bagja

Gumantung kana kodratna

Kitu deui jodo urang

Kapan kahayangmah manjang

Buktina geuning papegat

Najan kabeungkeut duriat

Ya Allah mugia abdi sing kiat

Dina nampi ieu kodrat

Panginten ieu tos gurat

Duriat kedah papegat

Abdi pasrah hamo nolak

Ya Allah abdi panceg kayakinan

Salira nu maha rohman

Tangtos aya kasaean

Sagedengeun kapeurihan

Ya Allah salira nu murbeng alam

Jodo nu anjeuna Pati nu anjeuna

Susah senang lara bagja

Gumantung kana kodratna

Kitu deui jodo urang

Kapan kahayangmah manjang

Buktina geuning papegat

Najan kabeungkeut duriat

Ya Allah mugia abdi sing kiat

Dina nampi ieu kodrat

Panginten ieu tos gurat

Duriat kedah papegat…

Abdi pasrah hamo nolak

Ya Allah abdi panceg kayakinan

Salira nu maha rohman

Tangtos aya kasaean

Sagedengan kapeurihan

Ya Allah salira nu murbeng alam

Ya Allah salira nu murbeng alam.

Detty Kurniaの他の作品

総て見るlogo