Hujan ngarinrincik 
Mareungan simpena peuting 
Ras anjeun nu teu aya 
Di pundut kunu kawasa 
Kabayang babanyolan nana 
Ngalangkang tingkah polahna 
Karaos pisan kanya'ahna 
Asa mo aya gantina 
Rasa kasono hese mapalerkeun nana 
Rasa asih jeung katineung 
Moal rek sirna ku mangsa 
Ngagulungna jeuro dada 
Ukur keclakna cimata 
Nu jadi tilam ka eling 
Duh pileuleuyan 
Duh gusti nu maha suci 
Mugi anjeuna kaleubeut 
Ahli surga nu sajati 
Kabayang babanyolan nana 
Ngalangkang tingkah polahna 
Karaos pisan kanya'ahna 
Asa mo aya gantina 
Rasa kasono hese mapalerkeun nana 
Rasa asih jeung katineung 
Moal rek sirna ku mangsa 
Ngagulungna jeuro dada 
Ukur keclakna cimata 
Nu jadi tilam ka eling 
Duh pileuleuyan 
Duh gusti nu maha suci 
Mugi anjeuna kaleubeut 
Ahli surga nu sajati