Ukur anjeun nu di dagoan harita 
Ukur anjeun nu di picinta harita 
Suganteh arek satia 
Hanas tigin mikacinta 
Saeutik kuring teu nyangka 
Anjeun tega sulaya... 
Anggur hideung Panglumpatan harita 
Anggur hideung Nu mepende harita 
Teu malire kana nyawa 
Raga ku kuring di siksa 
Dina geulas inuman... 
Ka gambar diri anjeun 
Jongjon miheman... 
Anggur hideung Panglumpatan harita 
Asa tungkeb bumi alam harita... 
 bajidor subang  
Leungit rasa kanyeri... 
Ku anggur hideung saliwat 
Poho kana kuciwa... 
Ku anggur hideung saliwat 
Poho dulur poho baraya Poho kadiri 
sorangan 
Pangaruhna si anggur hideung 
Kana pikir matak baluweng 
Anggur hideung Panglumpatan harita 
Anggur hideung Nu mepende harita 
Teu malire kana nyawa 
Raga ku kuring di siksa 
Dina geulas inuman.. 
Ka gambar diri anjeun 
Jongjon miheman 
Anggur hideung Panglumpatan harita 
Asa tungkeb bumi alam harita... 
 bajidor subang  
Leungit rasa kanyeri... 
Ku anggur hideung saliwat 
Poho kana kuciwa... 
Ku anggur hideung saliwat 
Poho dulur poho baraya Poho kadiri 
sorangan 
Pangaruhna si anggur hideung 
Kana pikir.., matak baluweng