Bara bara teuing diri
Leuheung bari dianggo ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareung bebendu unggal ti salira juag
Awiiii teh pangajul buah
Lantaran ti kitu
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abdi kagamparan
Eeee banondari nu geulis kawanti wanti
Nu endah na malih warna puputon kembang kadaton
Jungjunan
Lamun teu kauntun tipung, katambang beas laksana kapiduriat
Matak paeh ngabale b**e
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale b**e
Matak edan leuleuweungan
Aduh alah iyeung, da leuleuweungan
Asol asolali waung wa ung wa ung wae
Asol asolali waung wa ung wa ung wae
Aya ucap paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa, abdi nalang sa
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
Diimah keueung sorangan
Nyangigir asa gigireun nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Aduh alah iyeung asa luhureun
Basol asolali waung wa ung wa ung wae
Asol asolali waung wa ung wa ung wae
Jung nangtung asa lanjung
Gek duk diuk asa tiguling
Leumpang asa da ngalong kewang