Aya tapak cinta
Ngagurat na rasa
Tapak cinta manéhna,
Cinta nu munggaran
Najan teu ngajadi..
Teu bisa ngahiji..
Tapakna teu ilang...
Dugi ka ayeuna
Masih kénéh aya
Tapak cinta manéhna,
Ngageleng na rasa
Hésé rék narima..
Cinta lain datang..
Tapakna ngahadang...
Imutna,teuteupna,sorana...
Seurina, baeudna
Teu weléh deungdeuleueun..
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta..
Dugi ka ayeuna
Masih kénéh aya
Tapak cinta manéhna,
Ngageleng na rasa
Hésé rék narima..
Cinta lain datang..
Tapakna ngahadang...
Imutna,teuteupna,sorana...
Seurina, baeudna
Teu weléh deungdeuleueun..
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta..
Imutna,teuteupna,sorana...
Seurina, baeudna
Teu weléh deungdeuleueun..
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta..
Na implengan ngageuneuk
Moal kapupus mangsa,
Tapak-tapak cinta...