Mun sareupna geus mimiti
Katémbong nyimbutan Bandung
Angin Lémbang turun laun ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati aduh
Mun karéta pangahirna
Geus anjog ka kota Bandung
Sinyal beureum malang deui ngahalangan
Kota hurung béntang mijah
Ngaleu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir aduh
Haréwos peuting
Marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteup na pangimplengan
Langit isuk angger biru
Nya eulis duh angger biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteu na panineungan
Kembang mawar angger beureum
Nya eulis duh angger beureum
Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora ancad alon pileuleuyan
Peuting cicing kota jempling
Jerit hiji lagu
Kedaling kakeueung haté deudeuh
Mun balébat gagantina
Geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru Lémbang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu
Harepan témbong ngalangkang aduh
Haréwos peuting
Marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteup na pangimplengan
Langit isuk angger biru
Nya eulis duh angger biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteu na panineungan
Kembang mawar angger beureum
Nya eulis duh angger beureum
ooO(kihanjuang)Ooo