Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun jang jangna
bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung
pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang
taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab kusasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk pang gagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di nagara indonesia
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun jang jangna
bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeng pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang
taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab kusasama
Taya karempan kasieun leber wawanena
Manuk dadali manuk pang gagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di nagara indonesia