Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kanyaah engkang ka abdi
Meulitna ati
Mepende masket na hate
Mepende linduh kadeudeuh
Mepende tringtrimna ati
Aduh aduh engkang
Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kadeudeuh engkang ka abdi nurihan ati
Sok inggis nyangsara diri
Sok inggis tugenah ati
Sok inggis janten mamala
Aduh aduh engkang
Aduh engkang
Lungkawing lewangna ati
Nyanding na kaasih engkang
Sok inggis pinanggih peurih
Aduh engkang
Longkewang ringrang salempang
Nyimpayna kanyaah engkang
Palias nandang tunggara
Kahoyongmah aduh engkang
Jongjon duaan
Nyulam bagja cinta urang
Duh duh engkang hanjakal peurih
Duh duh engkang tos rimbitan
Lain rek nampik duh engkang
Lain rek nolak
Kadeudeuh engkang ka abdi nurihan ati
Sok inggis nyangsara diri
Sok inggis tugenah ati
Sok inggis janten mamala
Aduh aduh engkang
Aduh engkang
Lungkawing lewangna ati
Nyanding na kaasih engkang
Sok inggis pinanggih peurih
Aduh engkang
Longkewang ringrang salempang
Nyimpayna kanyaah engkang
Palias nandang tunggara
Kahoyongmah aduh engkang
Jongjon duaan
Nyulam bagja cinta urang
Duh duh engkang hanjakal peurih
Duh duh engkang tos rimbitan