Asal ti allah mulang ka allah
Salira miang neudunan papasten anjeunna
Estu kadar nu ngateur salira mulihna ka alam baqa
Kalayan di jajap ku dua
Sinareung ku ka ikhlasan
Pileuleuyan pi leuleuyan
Hujan ngarinrincik mareungan simpena peuting
Ras anjeun nu teu aya di pundut kunu kawasa
Kabayang babanyolan nana ngalangkang tingkah polahna
Karaos pisan kanyaahna asa mo aya gantina
Rasa kasono hese mapalerkeun nana
Rasa asih jeung katineung moal rek sirna ku mangsa
Ngagulungna jeuro dada
Ukur keclakna cimata nu jadi tilam ka eling
Duh pileuleuyan
Duh gusti nu maha suci
Mugi anjeuna kaleubeut ahli surga nu sajati
Kiatkeun nu di kantunna tumarima kana kadar
Sing sabar reujeung tawekal pidua abdi nyareungan