Mesat ngapung luhur
Jauh di awang awang
Meberkeun janjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung
Pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari
Hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa
Nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang
Taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab
Ku sasama
Taya karempan ka sieun
Leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan
Tara pahirihiri
Silih pikanyaah
Teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung
Siloka sinatria
Keur sakumna bangsa
Di nagara indonesia
Mesat ngapung luhur
Jauh di awang awang
Meberkeun janjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung
Pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari
Hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa
Nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang
Taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab
Ku sasama
Taya karempan ka sieun
Leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan
Tara pahirihiri
Silih pikanyaah
Teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung
Siloka sinatria
Keur sakumna bangsa
Di nagara indonesia