Kamana Teuing Kamana
Kuring Rèk Mulang Kamana
Lembur Geus ka urug gunung
Baraya Pada ninggalkeun
Nyorangan kuring nyorangan
Leumpang teu puguh Tujuan
Poèk Jalan Pangbalikan
Hirup Geus euweuh nu ngaku
Gusti... Kuring lali kumawasa
Anjeun nu ngatur rènghapna
Angin... Nu ngusikkeun ieu diri
Mèpèlingan saban wanci
Ulah owah ku panghina
Sadaya dawuh mantenNa
Moal papanggih jeung Gusti
Lamun teu mendak kanyeri
Naon anu kaalaman
Jalan hirup Prak lakonan
Rahayu panungtun indung
Ngadegkeun Lembur pakuan
Gusti... Kuring lali kumawasa
Anjeun nu ngatur rènghapna
Angin... Nu ngusikkeun ieu diri
Mèpèlingan saban wanci
Ulah owah ku panghina
Sadaya dawuh mantenNa
Moal papanggih jeung Gusti
Lamun teu mendak kanyeri
Naon anu ka alaman
Jalan hirup Prak lakonan
Rahayu panungtun indung
Ngadegkeun lembur pakuan