menu-iconlogo
huatong
huatong
avatar

KAPAUT IMUT

JAYADIBRATAhuatong
olneytmcuhuatong
Lirik
Rakaman
Nya didieu naha hate geus kapaut

Nu teupira salira, nenggorkeun imut

Ngadak ngadak jadi benten raraosan

Hate ratug cacakan tepang dadakan

Nya ayeuna kapentang panah asmara

Sorot soca sinar cinta tembus rasa

Gurilapna lir inten pinuh permata

Hate ngangkleung kabawa imut salira

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung

Ngalanglayung...

Aduh... kieu rasana kagembang

Hayang neang, hayang nganjang

Mustika kembang kamelang

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung

Ngalanglayung

Aduh....kieu rasana kagembang

Hatang neang hayang nganjang

Mustika kembang kamelang

Horeng kieu rasana panyakit cinta

Pajarkeun teh hese piubareunana

Lamun cinta nyaliara kana rasa

Rasa endah nu taya bandinganana

Nya ayeuna kapentang panah amara

Sorot soca sinar cinta nembus rasa

Gurilapna lir inten pinuh permata

Hate ngangkleung kabawa imut salira

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung

Ngalanglayung...

Aduh... kieu rasana kagembang

Hayang neang, hayang nganjang

Mustika kembang kamelang

Najan tepung harita ukur salangkung

Kapidangdung gandrung liwung

Ngalanglayung

Aduh...kieu rasana kagembang

Hayang neang hayang nganjang

Mustika kembang kamelang

Lebih Daripada JAYADIBRATA

Lihat semualogo