Teteup deudeuh
moal burung dipisono
Hate kuring
moal beunang di bobodo
Daun hiris saksina
nu ngemploh hejo
Duh panutan
diantosan tibareto
Daun hiris
kembangna umyang karoneng
Kaendahan
ayana disisi empang
Panutan imut
basa kuring anteng nyawang
Duh waktu mitineung
hate jadi honcewang
Ngabibita daun hiris
sisi gawir
Aduh ampun....
takdir teu beunang dipungkir
Beurang peuting
abdi teu weleh ihtiar
Geuningan sulaya
panutan tambelar
Buktina ngaraheutkeun
sapanjangna
Pupuasan naon pilandongeunana
Mingkin lami
badan teh tambah tunggara
Aduh ampun...
seueur pisan gogodana
Teteup deudeuh
moal burung dipisono
Hate kuring
moal beunang di bobodo
Daun hiris
saksina nu ngemploh hejo
Duh panutan
diantosan tibareto
Daun hiris kembangna
umyang karoneng
Kaendahan ayana disisi empang
Panutan imut
basa kuring anteng nyawang
Duh waktu mitineung
hate jadi honcewang
Ngabibita daun hiris
sisi gawir
Aduh ampun
takdir teu beunang dipungkir
Beurang peuting
abdi teu weleh ihtiar
Geuningan sulaya
panutan tambelar
Buktina ngaraheutkeun
sapanjangna
Pupuasan naon pilandongeunana
Mingkin lami badan teh
tambah tunggara
Aduh ampun
seueur pisan gogodana