Mega nu geuneuk maleumeuk
Jeung kulawu ngawagut teu puguh laku
Hiliwir angin ti lamping
Nambah kingkin sumarambah ka ieu diri
Japati oge lir sudah hibeur
Tapi moal lali neupungan jangjina
Sanajan kieu jadina
Cinta urang papisah di tengah jalan
Teupi ka kieu buktina
Deudeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang lain kahayang
Diri tumarima geus gurat kuduna..
Mihape ieu cinta ulah arek di sapirakeun
Mihape ieu tresna ulah arek di geugeuleuh
Ngan ukur anjeun saukur anjeun
Nu baris anteung tina lamunan
Sanajan anggang taya laksana
Diri teuteup kumatik ka asih mimiti..
Sanajan kieu jadina
Cinta urang papisah di tengah jalan
Teupi ka kieu buktina
Deudeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang lain kahayang
Diri tumarima geus gurat kuduna..
Mihape ieu cinta ulah arek di sapirakeun
Mihape ieu tresna ulah arek di geugeuleuh
Ngan ukur anjeun saukur anjeun
Nu baris anteung tina lamunan
Sanajan anggang taya laksana
Diri teuteup kumatik ka asih mimiti..
Mihape ieu cinta ulah arek di sapirakeun
Mihape ieu tresna ulah arek di geugeuleuh
Ngan ukur anjeun saukur anjeun
Nu baris anteung tina lamunan
Sanajan anggang taya laksana
Diri teuteup kumatik ka asih mimiti..