Naha salah lamun kuring
Boga rasa cinta salian ka anjeun
Naha salah lamun kuring
Boga rasa deudeuh salian ka anjeun
Sapanjang anjeun satia
Akang moal rek hianat
Cinta akang moal unggut kalinduan
Sapanjang anjeun satuhu
Akang moal rek midua
Cinta akang moal gedag kaanginan
Cinta akang mah bulan
Anu nyaangan peuting
Bakal aya salalawasna
Cinta akang srangenge
Anu maturan poe
Bakal aya salalawasna
Ulah melang
Ulah hariwang
Naha salah lamun kuring
Boga rasa cinta salian ka anjeun
Naha salah lamun kuring
Boga rasa deudeuh salian ka anjeun
Sapanjang anjeun satia
Akang moal rek hianat
Cinta akang moal unggut kalinduan
Sapanjang anjeun satuhu
Akang moal rek midua
Cinta akang moal gedag kaanginan
Cinta akang mah bulan
Anu nyaangan peuting
Bakal aya salalawasna
Cinta akang srangenge
Anu maturan poe
Bakal aya salalawasna
Ulah melang
Ulah hariwang