menu-iconlogo
huatong
huatong
avatar

Dangding

Emka 9huatong
natasha12mohuatong
Letra
Gravações
DANGDING

EMKA 9 PURWAKARTA

Dangding .... Tujuh lapis langit

Mawa seah cai hikmah.

Dianteur simpena peuting

Waruga mapay cahaya

Sa’amparan bumi nyaksi

Sumujud tumut ka Gusti

Gunung ngajeuntul rumahuh

Sagara seah midangdam

Neuteup langit seumu nyeuri

Dimana kanjeung ayeuna

Beut meunggaskeun panghareupan

Kudu kasaha tumanya....

Laku nyampurnakeun hirup

Ngageuro mawa hareupan

Lain keur diri sorangan

Waruga tumbal kaheman

Migusti diri ka diri

Nu boga kabeh hareupan

Gunung ngajeuntul rumahuh

Sagara seah midangdam

Neuteup langit seumu nyeuri

Dimana kanjeung ayeuna

Beut meunggaskeun panghareupan

Kudu kasaha tumanya....

Alam dunya semu rongkah

Seuneu nyongkab ngabebela

Nafsu gunung pananggeuhan

Beubeuneuran jadi paham

Teu kapanggih nu bogana

Teuing kamana inditna ...

Haturnuhun ..

Sampurasun...

Mais de Emka 9

Ver todaslogo