GANDRUNG GUNUNG
Artist Kacapi Suling
LIKE FOLLOW
MUGIA KAHIBUR
Gamparan kumaha damang
Abdi mah pangésto diri duh ...
Abdi mah pangésto diri ...
Raga mah jagjag waringkas
Mung ati nuju prihatin Gusti ...
Kawit anu jadi margi ...
Gamparan sok ngabibingung
Cacakan lamun gamparan
Ka abdi ...
Ka abdi ... teu udar jangji
Abdi lara ...
Dunungan ... duh abdi lara
Gamparan ... lantarannana duh ...
Gamparan lantarannana
LIREN HEULA
LIKE FOLLOW
Tétéla pisan bohongna
Adat anu ...
Adat anu ngambil ati
Kapan enggeus ... bukti pisan
Gamparan ... sok lanca linci Gusti ...
Ku abdi gé geus kajudi
Yén manah gamparan palsu ...
Majar badé sayaktosna
Miasih ...
Miasih ... ka diri abdi
Asih sotéh ...
Dunungan... duh asih sotéh
Gamparan lantarannana duh ...
Gamparan lantarannana
LIKE FOLLOW
HATURNUHUN