Mega nu geuneuk maleukmeuk
Jeung kulawu ngawagu teu puguh laku
Hiliwir angin ti lamping
Nambah kingkin sumarambah ka ieu diri
Japati oge lir suda hibeur
Tapi moal lali nepungan jangjina
Sanajan kieu jadina
Cinta urang papisah di tengah jalan
Tepi ka kieu buktina
Deudeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang, lain kahayang
Diri tumarima geus gurat kuduna
Mihape ieu cinta
Ulah arek di sapirakeun
Mihape ieu tresna
Ulah arek di geugeuleuh...
Ngan ukur anjeun saukur anjeun
Nu baris anteung dina lamunan
Sanajan anggang taya laksana
Diri teuteup gumati ka asih mimiti
Sanajan kieu jadina
Cinta urang papisah di tengah jalan
Tepi ka kieu buktina
Deudeuh urang ayeuna teu bisa manjang
Lain kahayang, lain kahayang
Diri tumarima geus gurat kuduna
Mihape ieu cinta
Ulah arek di sapirakeun
Mihape ieu tresna
Ulah arek di geugeuleuh...
Ngan ukur anjeun saukur anjeun
Nu baris anteung dina lamunan
Sanajan anggang taya laksana
Diri teuteup gumati ka asih mimiti