Laut,
Najan jero masih bisa di teuleuman
Hate jalma mah geuning
Saha nu terang
Najan deet teu kakoet
Anu sakitu deudeuh na
Teu sangka geuning teu sangka
Satukangeun teu satia
Anjeun,
Salami ieu teh meureun nyandiwara
Kadeudeuh cintana ukur pura pura
Teu jeung hate teu jeung rasa
Sajeroning deudeuh sayang
Hate rasa mah ngalayang
Meulit eunteup dinu lian
Jauh...jauh..
Jauh tina panyangka
Sangkaan mah
Cintana tilahir tumekaning batin
Asih ari gigireun dina mangsa hareupeun
Satukangeun cinta di bikeun ka deungeun
Peurih...peurih...
Karasa peurih sanggeus nyaho
Cintana ngan saukur akon akon
Geuning ari gigireun na mangsa hareupeun
Satukangeun cinta di bikeun ka deungeun.
Duuu h gusti,kedah kumaha
Anjeun,
Salami ieu teh meureun nyandiwara
Kadeudeuh cintana ukur pura pura
Teu jeung hate teu jeung rasa
Sajeroning deudeuh sayang
Hate rasa mah ngalayang
Meulit eunteup dinu lian
Jauh...jauh...
Jauh tina panyangka
Sangkaan mah
Cintana tilahir tumekaning batin
Asih ari gigireun dina mangsa hareupeun
Satukangeun cinta di bikeun ka deungeun
Peurih...peurih...
Karasa peurih sanggeus nyaho
Cintana ngan saukur akon akon
Geuning ari gigireun na mangsa hareupeun
Satukangeun cinta di bikeun ka deungeun.
Duuu h gusti,kedah kumaha