Nyawang bulan dimumunggang
Caang bulan opat belas
Langit bengras narawangan
Lenglang taya pihujaneun
Langit biru bentang pijar
Mapaes mumunggang endah
Hiliwir wangi malati
Kabawa ku angin peuting
Nyawang bulan dimumunggang
Caang bulan opat belas
Langit bengras narawangan
Lenglang taya pihujaneun
Langit biru bentang pijar
Mapaes mumunggang endah
Hiliwir wangi malati
Kabawa ku angin peuting
Tapi mun basa kamari
Bulan teh teu tembong deui
Karurub mega ngagulung
Ceudeum pinuh pihujaneun
Mumunggang endah
Ngan ukur tinggal harepan
Ayeuna abdi geus tebih
Nu hamo papendak deui
Tapi mun basa kamari
Bulan teh teu tembong deui
Karurub mega ngagulung
Ceudeum pinuh pihujaneun
Mumunggang endah
Ngan ukur tinggal harepan
Ayeuna abdi geus tebih
Nu hamo papendak deui
Nyawang bulan dimumunggang
Caang bulan opat belas
Langit bengras narawangan
Lenglang taya pihujaneun
Langit biru bentang pijar
Mapaes mumunggang endah
Hiliwir wangi malati
Kabawa ku angin peuting
Tapi mun basa kamari
Bulan teh teu tembong deui
Karurub mega ngagulung
Ceudeum pinuh pihujaneun
Mumunggang endah
Ngan ukur tinggal harepan
Ayeuna abdi geus tebih
Nu hamo papendak deui