Srangenge ngitungan poe
Nganter lampah geusan jaga
Jaga nu jadi harepan
Mapay lampah kahirupan
Salapan lengkah disorang
Moal peunggas pangharepan
Sanajan srangenge lungse
Bulan pinasti nembongan
Gapura geus mawa beja
Malati asih ka diri
Bagea kasampurnaan
Julang ngapak mapay mega
Gapura geus mawa beja
Malati asih ka diri
Bagea kasampurnaan
Julang ngapak mapay mega
Mapay jalan muru cai
Ngadangding nyaring ti peuting
Ngebrak cawang narawangan
Sumujud lemah amparan
Gunung nungkulkeun halimun
Ngiuhan panasna poe
Bagea angin nu tingtrim
Rasa nengetkeun kartana
Bagea angin nu tingtrim
Ngiri nyandingkeun wawangi