*WILUJEUNG SUMPING*
vocal : H. DARSO
Upload : GUMILAR
*SALAM SAJORELAT*
Haturan jungjunan wilujeung sumping..
Peuting ieu peuting nu urang duaan..
Urang bareng nyawang bulan dina empang
Ngebray mapag cinta nu urang duh..cinta nu urang..
Haturan jungjunan wilujeung sumping..
Gera bageakeun bentang anu rapang...
Ting kariceup milu neuteup bangun geugeut
Mapag bungah hate nu urang duh..hate nu urang..
Naha enya nu endah teh cinta munggaran..
Endah tresna aya datang sagebrayan..
Naha enya tingtrim teh asih mimiti
Sumanding marengan ati duh.. marengan ati..
Haturan jungjunan wilujeung sumping..
Gera papag tuh balebat belah wetan..
Urang bareng rangkul geugeut ku duaan
Sabab wanci ieu nu urang duh..wanci nu urang..
Interlude

*HATUR NUHUN*