Keur Deudeuh Deudeuhna
Keur Nyaah Nyaahna
Lir Ibarat Kabentar Ku Gelap...
Anjeun Sulaya Cinta
Anjeun Midua Kasih
Lir Ibarat Teu Meunang Kanyaah Ti Kuring...
Sacinta Cintana Kuring
Ari Dikieu Kieumah
Geuring Nangtung... Ngalanglayung...
Tumarima Mah Tumarima
Kana Takdir Ti Yang Widi
Meureun Kuring Jeung Anjeun
Lain Jodona...
Dirasamah Hayang Dendam
Dirasamah Hayang Ngabales
Kanyeuri Hate Kuring Ka Manehna...
Duh... Ku Teungteuingeun
Keur Deudeuh Deudeuhna
Keur Nyaah Nyaahna
Lir Ibarat Kabentar Ku Gelap...
Anjeun Sulaya Cinta
Anjeun Midua Kasih
Lir Ibarat Teu Meunang Kanyaah Ti Kuring...
Sacinta Cintana Kuring
Ari Dikieu Kieumah
Geuring Nangtung... Ngalanglayung...
Tumarima Mah Tumarima
Kana Takdir Ti Yang Widi
Meureun Kuring Jeung Anjeun
Lain Jodona...
Dirasamah Hayang Dendam
Dirasamah Hayang Ngabales
Kanyeuri Hate Kuring Ka Manehna...
Duh... Ku Teungteuingeun
Tumarima Mah Tumarima
Kana Takdir Ti Yang Widi
Meureun Kuring Jeung Anjeun
Lain Jodona...
Dirasamah Hayang Dendam
Dirasamah Hayang Ngabales
Kanyeuri Hate Kuring Ka Manehna...
Duh... Ku Teungteuingeun