Teu aya deui...
Nu mika cinta, iwal anjeun
Teu aya deui...
Nu mika melang, iwal anjeun
Pangnya'ahna sadunya
Pangbageurna sadunya
Iwal anjeun...
Anu heman, tur daria
Anu janji satia, ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui...
Nu jadi pikir, iwal anjeun
Teu aya deui...
Nu kagundamkeun, iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapetkeun pelet asihan
Husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut hayang geugeut
Ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus kaditu kadieu
Teu aya deui...
Nu mika cinta, iwal anjeun
Teu aya deui...
Nu mika melang, iwal anjeun
Pangnya'ahna sadunya
Pangbageurna sadunya
Iwal anjeun...
Anu heman tur daria
Anu janji satia, ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan