Mungguhing Dina Impenan
Geuning Sakitu Deudeuhna
Kanya’ah Nu Wening Bersih
Satia Jadi Kakasih..
Mungguhing Dina Impenan
Geuning Sakitu Leahna
Pameunteu Marahmay Manis
Teu Isin Ka Ambung Damis
Rambut Panjang Nu Ngarumbay
Di Sangke Panangan Nyampay
Lalaunan Raray Tanggah
Rangkulan Karaos Pageuh
Luhur Pasir Tepung Geter
Perlambang Asih Nu Mekar
Kabagjaan Nu Duaan..
Nu Duaan...
Hanjakal... Hanjakal Teuing
Endah... Ngan Ukur Kalangkang
Harepan... Harepan Diri
Sing Nyanding Jeung Kanyataan
Mungguhing Dina Impenan
Geuning Sakitu Deudeuhna
Kanyaah Nu Wening Bersih
Satia Jadi Kakasih
Mungguhing Dina Impenan
Geuning Sakitu Leahna
Pameunteu Marahmay Manis
Teu Isin Kaambung Damis
Rambut Panjang Nu Ngarumbay
Di Sangke Panangan Nyampay
Lalaunan Raray Tanggah
Rangkulan Karaos Pageuh
Luhur Pasir Tepung Geter
Perlambang Asih Nu Mekar
Kabagjaan Nu Duaan..
Nu Duaan...