"Kembang Tanjung Panineungan"
Calung
Cipt. H Darso
Upload by Zhaloe
>>>>>Intro<<<<<
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis kénéh
Harita keur kakandungan ku hidep
+++Interlude+++
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung béntang
Nu marurag peuting tadi
Béntang seungit ditiiran pangangguran
>>>>>Intro<<<<<
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung reubun reubun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
+++Interlude+++
Nu opat poé teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
+++Interlude+++
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
+++Interlude+++
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna téh ku hariring
+++Interlude+++
Hariring éling ku éling
Kana tanjung nu dipulung
Éh... kembang tanjung
Nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan haté urang
Panineungan.....
---=ooO(ZHALOE)Ooo=---
---=ooO(Zhaloer Sunda Sauyunan)Ooo=---