Panon na alus irung alus biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir meni mulus
Ngan hanjakal pisan
Kalakuan siga Setan
Gunta ganti jalu
Teu sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis
Sigana mah ngarasa
Asa aing hade rupa, jang Oman
Bisa payu ka sasaha
Tungtungna jadi cilaka
(Teleg nyi tah)
Kulit klir koneng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum beureum jawer hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet di mumurah
Gebleg hirup daek jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
(Kade nyi ah)
(Kawas hirup jaman batu we baheula)
(Cik sing isin atuh kana bulucun teh)
Panon na alus irung alus biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir meni mulus
Ngan hanjakal pisan
Kalakuan siga Setan
Gunta ganti jalu
Teu sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis
Sigana mah ngarasa
Asa aing hade rupa meureun jang Oman
Bisa payu ka sasaha
Tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir koneng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum beureum jawer hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet di mumurah
Gebleg hirup daek jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta ganti jalu
Komo jeung poho di baju