meuning jomblo meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho
meuning jomblo meuning jomblo
piceun kabogoh nu olo olo
meuning keneh jomblo
karna geus loba anu jadi conto
nu gableg kabogoh otakna sok jadi bodo
kahayang kabogohna sagala dicumponan
teu nyadar diri manehna saukur diporotan
indit ka bioskop ungal film anyar tayang
duit sia beak demi kata makasih sayang
leuheung lamun boga kabogohna solehah
ieumh ngn nyieundompet ksong siga kopeah
negara merdeka tibasa keur eta
sia dijajah keneh musingkeun sarerea
hayang ulin teu meunang
da sagala di kekang
hirup sia ciga motor anu dikonci setang
ku kabogoh sieuna geus
ciga ningali macan
ai ka kolot sorangan sok wani ngalawan
hayang dikutuk jadi meja parasmanan
cigana mah sia keur orokna teu diadzanan
meuning jomblo meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho
meuning jomblo meuning jomblo
piceun kabogoh nu olo olo
jadi jomblo mah moal loba nyeri hate
teu ciga sia anu hirupna ngabatin wae
bisa happy jeung seuri
tanpa sieun dinyenyeri
hirup enjoy da bahagiamah teu kudu meuli
jomblo peduli lingkungan
teu kudu loba mandi
unggal panggih kudu mandi
lebar hambur hambur cai
di lembur batur mah
hayang nginum ge hese
sia miceunan cai ukur
jang manggihan awewe
jomblo lain berarti aing teu payu
aing hayang bebas teu
kudu ngabaran tiap waktu
dekeut jeung sasaha moal aya nu nyarek
teu kudu nurut aturan
ciga pagawe kahate
jadi jomblo mah jauh kana maksiat
teu ciga sia anu mesum na tara kaliwat
aing erek ngawiat ieu hiji kalimat
inget aing jeung saria teh
bakal dijemput ku malaikat
meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho
meuning jomblo
meuning jomblo
piceun kabogoh nu olo olo
emang sih cinta ceunah mah buta
tapi teu kudu kitu carana
da lamun aing kudu ngalaman
teu sudi teuing mending sorangan
meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho
meuning jomblo
meuning jomblo
piceun kabogoh nu olo olo
meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho
meuning jomblo
meuning jomblo
piceun kabogoh nu olo olo