•••GARAGE STUDIO•••
•••MUSIC PRESENT•••
SAMPURASUN BARAYA SUNDA
Budak gendut diuk dina karung huut
Dina sungut samutut bari jeung hitut
Bulak-balik nulis nomer kode buntut
Beuki lila kode beuki pabaliut
Tina otak hayang geura-geura beunghar
Kaédanan ku jumlah hadiah besar
Disangka maén judi bisa beunghar
Nu puguh mah balangsak nepi ka modar
Jalma jaman kiwari hirupna ngimpi
Sok ngahontal nu puguh moal katepi
Sagala rupa hayang ngadadak jadi
Mumul cape halal haram teu paduli
Omong kosong maen judi bisa beunghar
Loba bukti harta beak lengkah sasar
Mun geus nyandu Sirah jangar asa Bencar
Jaman susah cilaka ulah disiar
Budak gendut diuk dina karung huut
Dina sungut samutut bari jeung hitut
Bulak-balik nulis nomer kode buntut
Beuki lila kode beuki pabaliut
Tina otak hayang geura-geura beunghar
Kaédanan ku jumlah hadiah besar
Disangka maén judi bisa beunghar
Nu puguh mah balangsak nepi ka modar
Jalma jaman kiwari hirupna ngimpi
Sok ngahontal nu puguh moal katepi
Sagala rupa hayang ngadadak jadi
Mumul cape halal haram teu paduli
Omong kosong maen judi bisa beunghar
Loba bukti harta beak lengkah sasar
Mun geus nyandu Sirah jangar asa Bencar
Jaman susah cilaka ulah disiar
Jalma jaman kiwari hirupna ngimpi
Sok ngahontal nu puguh moal katepi
Sagala rupa hayang ngadadak jadi
Mumul cape halal haram teu paduli