CIMATA CINTA
Arr. Kang Tedi
LIKE FOLLOW
MUGIA KAHIBUR
Méga hideung ...
Nu alum semu nu nguyung
Langit angkeub ...
Hideung taya béngras deui
Duh ... Gusti ...
Kanyeri teu euih euih
Cipanon kacinta ...
Maseuhan teu kendat raat
Pasusubuh ...
Ngaririncik hujan leutik
Lir marengan ...
Ceurik ati nu keur gering
Duh ... geulis ...
Kanyeri teu euih euih
Cipanon kacinta ...
Maseuhan teu kendat raat
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang
Rasa kaasih teu leungit leungit
Rasa kasono hésé pohona
Rasa kamelang teu ilang ilang
Rasa kacinta ngamuara jero dada
LIREN HEULA
LIKE FOLLOW
Pasusubuh ...
Ngaririncik hujan leutik
Lir marengan ...
Ceurik ati nu keur gering
Duh ... geulis ...
Kanyeri teu euih euih
Cipanon kacinta ...
Maseuhan teu kendat raat
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang
Rasa kaasih teu leungit leungit
Rasa kasono hésé pohona
Rasa kamelang teu ilang ilang
Rasa kacinta ngamuara jero dada
LIKE FOLLOW
HATURNUHUN