"IRAHA TEPANG"
Gelenyu
Mun diri tetep miasih
Teu beunang dipapalérkeun
Ngarep ngarep tepang deui
Ceuk haté rék méré jangji
Mun diri tetep mihéman
Haté asa kumalayang
Sakapeung ngarasa anéh
Teu kiat nandang tibelat
Iraha tepang duh...
Abdi Akang teu weléh ngantosan
Kedah tepang di mana
Kedah sabar ngantosan
Ah iraha tepang
Naha tos poho aduh...
Abdi Akang mah teu weléh sono
Haté melang hariwang
Teu weléh kapiraray
Ah iraha tepang
Gelenyu
Mun diri tetep miasih
Teu beunang dipapalérkeun
Ngarep ngarep tepang deui
Ceuk haté rék méré jangji
Mun diri tetep mihéman
Haté asa kumalayang
Sakapeung ngarasa anéh
Teu kiat nandang tibelat
Iraha tepang duh...
Akang Abdi teu weléh ngantosan
Kedah tepang di mana
Kedah sabar ngantosan
Ah iraha tepang
Naha tos poho aduh...
Akang Abdi mah teu weléh sono
Haté melang hariwang
Teu weléh kapiraray
Ah iraha tepang
ooO(kihanjuang)Ooo