Titip ka angin
pangnepikeun ka asih
talatah ka mega
pang mawakeun ieu cinta
ka anjeuna
nu ka impi tadi weungi
nu kasawang
nu ngalangkang unggal beurang
sok sanajan urang teh nembean tepang
tapi rasa mikacinta mah tos aya
kembang kabungah papaes endahna cinta
kahariwang peunggasna tangkal hareupan
tiharita ragrag sumpah
bade satuhu satia
bade bela salawasna
dugikeun ka akhir dunya
Titip ka angin
pangnepikeun ka asih
talatah ka mega
pang mawakeun ieu cinta
ka anjeuna
nu ka impi tadi weungi
nu kasawang
nu ngalangkang unggal beurang
sok sanajan urang teh nembean tepang
tapi rasa mikacinta mah tos aya
kembang kabungah papaes endahna cinta
kahariwang peunggasna tangkal hareupan
tiharita ragrag sumpah
bade satuhu satia
bade bela salawasna
dugikeun ka akhir dunya
tiharita ragrag sumpah
bade satuhu satia
bade bela salawasna
dugikeun ka akhir dunya