Girimis..
meuntaskeun bentang
peuting neundeun panineungan,
bulan..
muru katangtuan balebat nganteurkeun caang.
Neang wanci pang harepan,
moal peunggas ku lamunan.
simpe..
taraje nahate langit neuteup ngadeukeutan,
srangenge..
mendakan poe beurang muru lembur peuting,
lemah mapag rasa heman
sagara ilang kamelang.
Lembur lengkob pamatuhan
seah dangding meuntas langit.
Ngampar jajar kahuripan
cai nyurupkeun kaasih,
sagara paheut ka lemah
sumujud pangeusi nagri
Kawung cunduk nganteur waktu
marahmay pangeusi nagri,
durugdug munding malati
muka welas matri asih,
raga nyurup kawaluya
bagea dulur baraya
Instrument-
bumi..
manjing kalangitan seah hujan kabagjaan.
Ajeg..
gunung satangtungan susukan panjang harepan,
melak tangkal ajeg lemah
tung-tung waktu teu tinemu.