Tah didinya...
baheula mah saur ema saur bapa...
Aya lembur singkur
Aya kebon sawah
Susukanna herang
Tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan
Tuh diditu...
baheula mah saur ema saur bapa...
Gunung leuweung hejo
Matak nineung waas
Rea sasatoan
Tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan
Ayeuna mah
beda jeung baheula...
Rupa desa...
geus robah ngajadi kota...
Na kamana
kebon sawah
nu ngeplak mapaes endah
Na kamana...
ci susukan
nu herang cai ngagenclang
Na kamana
gunung leuweung
nu subur ku tatangkalan
Jeung kamana...
sasatoan
nu reang teu patembalan
Na kamana...
kiwari tinggal carita...
Tah didinya...
baheula mah saur ema saur bapa...
Aya lembur singkur
Aya kebon sawah
Susukanna herang
Tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan
Tuh diditu...
baheula mah saur ema saur bapa...
Gunung leuweung hejo
Matak nineung waas
Rea sasatoan
Tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan
Ayeuna mah
beda jeung baheula...
Rupa desa...
geus robah ngajadi kota...
Na kamana
kebon sawah
nu ngeplak mapaes endah
Na kamana...
ci susukan
nu herang cai ngagenclang
Na kamana
gunung leuweung
nu subur ku tatangkalan
Jeung kamana...
sasatoan
nu reang teu patembalan
Na kamana...
kiwari tinggal carita...