SUMEDANG KOTA KAMELANG
Neneng Dinar
Diupload ku :
Sungkan miang paturay kudu paanggang
Kota Sumedang muntangan kadeudeuh melang
Surem teuteup ka hareup
ku cipanon ngembeng
Naha enung sumoréang
pan miang mungkas harepan
Duh Tampomas ulah waswas
Piraku rék udar jangji
Kakonci ku Palasari
Keur Sumedang urang tandang
Ka Ibu Pertiwi, urang ngabakti
Sungkan miang paturay kudu paanggang
Kota Sumedang muntangan kadeudeuh melang
Surem teuteup ka hareup
ku cipanon ngembeng
Naha enung sumoréang
pan miang mungkas harepan
Duh Tampomas ulah waswas
Piraku rék udar jangji
Kakonci ku Palasari
Keur Sumedang urang tandang
Ka Ibu Pertiwi, urang ngabakti
Haturnuhun,