Ombak basisir pangandaran
Cing jelegur nganteur simpena peuting
Betang marengan pating karetip
Nyinglarkeun kahieum ati
Hapunten mun anjeun kagerih
Kurasa nu sumarambah
Ku diri nu daek ngarti
Tetep nganti harepan anu teu surti
Abdi ngaheruk ngumbar cimata
Hayang budal rambisakna rasa
Mapalerkeun rundayan katineung
Nu ngan ukur mawa kapeurih
Mung ka gusti abdi sumerah diri
Nyanggakeun sadaya daya
Teu wasa nandangan tunggara
Mugi disinglarkeun
Sirung katresna
Hapunten mun anjeun kagerih
Kurasa nu sumarambah
Ku diri nu daek ngarti
Tetep nganti harepan anu teu surti
Abdi ngaheruk ngumbar cimata
Hayang budal rambisakna rasa
Mapalerkeun rundayan katineung
Nu ngan ukur mawa kapeurih
Mung ka gusti abdi sumerah diri
Nyanggakeun sadaya daya
Teu wasa nandangan tunggara
Mugi disinglarkeun
Sirung katresna