menu-iconlogo
logo

Dago Pakar

logo
Lời Bài Hát
Tresna mekar…ieuh di Dago Pakar

Tukeur paheut, janji bakal sauyunan

Tepung rempug, jajantung

Reujeung jajantung

Awor jadi hiji, ngaruntuy

lir buah kawung

Ricitna Manuk, jeung Seorna angin

Meulit asih, ngaHariring

Oyagna dahan, ngusikeun rema panangan

Silih cepeng leumpang mapay, kaendahan

Dago pakar, geus

nganteur kapangantenan

Dago Pakar, Langgeng nyantel na ingetan

Ceuk beja cenah ceuk beJa

Dago Pakar ngarekahan

Ceuk Beja cenah ceuk beja

Dago pakar ganti ngaran

Kuring wakca, ngahaja arek balaka

Sugan angin, wasaeun nepikeun sora

Pang bejakeun, ka guha nu basa eta

Jeung manehna Kuring bagja

Hirup di tempat ngumbara

Ricitna manuk, jeung seorna angin

Meulit asih, ngahariring

Oyagna dahan, ngusikeun rema panangan

Silih cepeng leumpang mapay, kaendahan

Dago pakar, geus

nganteur kapangantenan

Dago Pakar, Langgeng nyantel na ingetan

Ceuk beja cenah ceuk beJa

Dago Pakar ngarekahan

Ceuk Beja cenah ceuk beja

Dago pakar ganti ngaran

Kuring wakca, ngahaja arek balaka

Sugan angin, wasaeun nepikeun sora

Pang bejakeun, ka guha nu basa eta

Jeung manehna Kuring bagja

Hirup di tempat ngumbara