menu-iconlogo
logo

Rangrang Kamelang

logo
Lời Bài Hát
Sanaos urang kantos kedal jangji

Niat Hirup silih... asih

Sanaos urang kantos tigin niat milih

Hiji... dina ati...

Taya hartosna lamun hate meulit bae

Asih pinuh kapalsuan... cinta

Taya hartosna lamun diri dinyenyeri

Samagaha mulas raga... sirna

Harepan anu kantos mekar ligar

mangsa urang anyar... tepung

Karaos nyiram tresna

Asih diri pinuh simpay...Rasa bagja

Tapi buktosna urang pada milih jalan

Hambar geter katingtriman.. batin

Tapi buktosna urang tepung ukur tangtung

Kumalayang ngawang ngawang.. renggang

Upami lambar lalakon

Naha pinuh ku cipanon

Upami geus titis tulis

Naha nyeri batan hinis

Upami tos kapimilik

Naha mulang mawa ceurik

Upami raga wayahna

Naha henteu tibaheula

Carita urang duaan

Kawas panteng langlayangan

Ngapung lugina ngalayang

Pegat kapakan sapisah

Ilang puntangan harepan

Harepan anu kantos mekar ligar

mangsa urang anyar... tepung

Karaos nyiram tresna

Asih diri pinuh simpay...Rasa bagja

Tapi buktosna urang pada milih jalan

Hambar geter katingtriman.. batin

Tapi buktosna urang tepung ukur tangtung

Kumalayang ngawang ngawang.. renggang

Upami lambar lalakon

Naha pinuh ku cipanon

Upami geus titis tulis

Naha nyeri batan hinis

Upami tos kapimilik

Naha mulang mawa ceurik

Upami raga wayahna

Naha henteu tibaheula

Carita urang duaan

Kawas panteng langlayangan

Ngapung lugina ngalayang

Pegat kapakan sapisah

Ilang puntangan harepan

Rangrang Kamelang của Rita Tila - Lời bài hát & Các bản Cover