Geus lawas
Carita urang duaan
Anu munggaran
Nitipkeun asih kamelang
Teu la’as
Sanajan ukur nyelangan
Kedalna lisan
Satia rek babarengan
Harepan
Ngayunkeun ka mega melang
Rek mipit bentang
Laksana nyandingkeun bulan
Mekarna
Kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakeun hiji catetan
Tapi kiwari
Ngan kuring anu ngageuri
Cuang cieung ngan sorangan
Honcewang hate laleuwang
Nu miasih di peperih
Nu mitineung di tinggalkeun
Teu sangka beut jalir jangji
Kuharianeun
Geus lawas
Carita urang duaan
Anu munggaran
Nitipkeun asih kamelang
Teu la’as
Sanajan ukur nyelangan
Kedalna lisan
Satia rek babarengan
Harepan
Ngayunkeun ka mega melang
Rek mipit bentang
Laksana nyandingkeun bulan
Mekarna
Kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakeun hiji catetan
Tapi kiwari
Ngan kuring anu ngageuri
Cuang cieung ngan sorangan
Honcewang hate laleuwang
Nu miasih di peperih
Nu mitineung di tinggalkeun
Teu sangka beut jalir jangji
Kuharianeun
Geus lawas
Carita urang duaan
Anu munggaran
Nitipkeun asih kamelang
Teu la’as
Sanajan ukur nyelangan
Kedalna lisan
Satia rek babarengan