Mega Nu Geuneuk Maleukmeuk
Jeung Kulawu, Ngawagu Teu Puguh Laku
Hiliwir Angin Tilamping
Nambah Kingkin Sumarambah Ka Ieu Diri
Japati Oge Lir Suda Hiber
Tapi Moal Lali Nepungan Jangjina
Sanajan Kieu Jadina
Cinta Urang, Papisah Ditengah Jalan
Tepi Ka Kieu Buktina
Deudeuh Urang, Ayeuna Teu Bisa Manjang
Lain Kahayang, Lain Kahayang
Diri Tumarima, Geus Gurat Kuduna
Mihape Ieu Cinta
Ulah Arek Disapirakeun
Mihape Ieu Tresna
Ulah Arek Digeugeuleuh
Ngan Ukur Anjeun, Saukur Anjeun
Nu Baris Anteng Dina Lamunan
Sanajan Anggang, Taya Laksana
Diri Tetep Gumati Ka Asih Mimiti
Sanajan Kieu Jadina
Cinta Urang, Papisah Ditengah Jalan
Tepi Ka Kieu Buktina
Deudeuh Urang, Ayeuna Teu Bisa Manjang
Lain Kahayang, Lain Kahayang
Diri Tumarima, Geus Gurat Kuduna
Mihape Ieu Cinta
Ulah Arek Disapirakeun
Mihape Ieu Tresna
Ulah Arek Digeugeuleuh
Ngan Ukur Anjeun, Saukur Anjeun
Nu Baris Anteng Dina Lamunan
Sanajan Anggang, Taya Laksana
Diri Tetep Gumati Ka Asih Mimiti