Ayeuna Asép siga nu kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan, lieur ku Ai
Kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan, gélo ku Ai
Samar rasa, samar polah
Teu bisa dipapalérkeun
Teu bisa dibébénjokeun
Nu aya dina lamunan beurang-peuting ukur Ai
Rumasa teu bisa mungkir
Asép oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asép eundeuk-eundeukan ku Ai
Teu bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai