Kamana teing kamana
Kuring rek mulang kamana
Lembur geus ka urug gunung
Baraya pada ninggalkeun
Nyorangan kuring nyorangan
Lempang te puguh tujuan
Poek jalan pangbalikan
Hirup geus eweuh nu ngaku
Gusti kuring lali kumawasa
Anjeun nu ngatur renghapna
Angin nu ngusikeun ieu diri
Mepelingan saban wanci
Ulah owah ku panghina
Sadaya dawuh mantena
Moal papanggih jeung Gusti
Lamun te mendak kanyeri
Naon anu kaalaman
Jalan hirup prak lakonan
Rahayu panungtun indung
Ngadegkeun lembur pakuan
Gusti kuring lali kumawasa
Anjeun nu ngatur renghapna
Angin nu ngusikeun ieu diri
Mepelingan saban wanci
Ulah owah ku panghina
Sadaya dawuh mantena
Moal papanggih jeung Gusti
Lamun te mendak kanyeri
Naon anu kaalaman
Jalan hirup prak lakonan
Rahayu panungtun indung
Ngadegkeun lembur pakuan