menu-iconlogo
huatong
huatong
歌词
作品
Dibasisir laut palabuan ratu

Dipalebah batu ngampar karang hawu

Bari nyawang katengah lautan

Haté pinuh pangharepan..

Disarengan ku bébéndé digigireun

Réma panangan silih cepeng silih ranggem

Hiliwir angin dalinding katresna

Mapaésan cinta urang..

Patutur-tutur ombak nu silih surungkeun

Ting jelegur nembrag kana karang hawu

Kadeudeuh kanyaah cinta nu urang..

Kukuh pengkuh di Karang hawu..

Tempat wisata, palabuan ratu

Ceuk dongéng, cenah ceuk béja

Kantos sumping ibu ratu

Di karang hawu..

Tempat anu éndah..

Nya didinya pisan

Maheutkeun jangji pasini..

Di karang hawu..

Palabuan ratu..

Aya carita urang duaan

Tepikeuneun ka turunan..

Disarengan ku bébéndé digigireun

Réma panangan silih cepeng silih ranggem

Hiliwir angin dalinding katresna

Mapaésan cinta urang..

Patutur-tutur ombak nu silih surungkeun

Ting jelegur nembrag kana karang hawu

Kadeudeuh kanyaah cinta nu urang..

Kukuh pengkuh di Karang hawu..

Tempat wisata, palabuan ratu

Ceuk dongéng, cenah ceuk béja

Kantos sumping ibu ratu

Di karang hawu..

Tempat anu éndah..

Nya didinya pisan

Maheutkeun jangji pasini..

Di karang hawu..

Palabuan ratu..

Aya carita urang duaan

Tepikeuneun ka turunan..

更多Fanny Sabila/Maliq Ibrahim热歌

查看全部logo