Waktu kuring panggih jeung manehna
hate leutik nyarita aduh manisna
Waktu kuring wawuh aduh bagjana
hate ngan keur manehna adu endahna.
Babarengan sauyunan
sililh asih saati miheman
paheut jangji moal pukah deui
unggal saptu sore datang ka manehna.....
Waktu kuring wakca ka manehna
resmi ngajak tunangan paheut mi cinta
Ukur rangkul tresna pikeun jawabna
Kuring reujeung manehna hiji saati.
Waktu kuring panggih jeung manehna
hate leutik nyarita naon maksadna
Waktu kuring wawuh aduh dag dig dug
Naha enya mi asih aduh can puguh.
Babarengan sauyunan silih
asih sa ati ngahiji
saptu sore sok tagiwur hate
Ngarep ngarep datang tandaning satia....
Waktu kedal ucap ti manehna
kebek kurasa bagja aduh bungahna
Ci panon kabungah pikeun saksina
kuring nampa cintana heteu nyalahan...
Babarengan sauyunan
Silih asih saati ngahiji
Saptu sore sok tagiwur hate
Ngarep ngarep datang tanda ning satia
Waktu kedal ucap ti manehna
Kebek kurasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
kuring nampa cintana heteu nyalahan...