Mungguhing...dina impenan...
Geuning...sakitu deudeuhna
Kanya'ah nu weuning beursih
Satia...jadi kakasih
Mungguhing...dina impenan...
Gening... sakitu leahna
Pameunteu...marahmay manis
Teu isin ka ambung damis
Rambut panjang nu ngarumbay
Di sangkeh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh..
Luhur pasir tepung geuteur
Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu dua an...nu dua an
Hanjakal...hanjakal teuing
Endah...ngan ukur kalangkang
Hareupan...hareupan diri
Sing nyanding jeung kanyataan
Mungguhing...dina impenan...
Geuning...sakitu deudeuhna
Kanya'ah nu weuning beursih
Satia...jadi kakasih
Mungguhing...dina impenan...
Gening... sakitu leahna
Pameunteu...marahmay manis
Teu isin ka ambung damis
Rambut panjang nu ngarumbay
Di sangkeh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh..
Luhur pasir tepung geuteur
Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu dua an...nu dua an
Mungguhing...dina impenan
Geuning...sakitu Deudeuhna
Kanya'ah... nu weuning bersih
Satia...jadi kakasih